Rabu, 19 Januari 2022

Kumpulan cerita pendek bahasa Sunda cawokah 2

SANGU PARÉ ANYAR

"Bu...! Mana sanguna!?"
Jaja gegeroan ka pamajikanna meneran na méja makan. Mulang gawé, hawa lapar langsung niat rék dahar.
"Kéheula atuh! Ieu keur diasakan kénéh ku pembantu urang, Si Yanti!" Imas némbalan rada ngahaok ti dapur.
"Buru bawa ka dieu! Lapar yeuh! Sangu paré anyar téa, nya! Méh pulen!" ceuk Jaja deui.
"Heueuh, sabar wé atuh heula! Keudeung deui gé asak!" Imas némbalan deui rada keuheul.
Teu lila, Imas nyampeurkeun bari mawa sangu.
"Yeuh! sok teu sabaran ari nanaon téh, nya!" 
"Nuhun nya, nu geulis Bapa! Muach ...!" ceuk Jaja deui bari celepot nyium damis Imas.
Habek Jaja dahar meni rewog, sabab lapar ongkoh ditambah sanguna pulen. Imas mah ukur maturan wé wungkul.
"Ngeunah, Pa?"
"Kacida ngeunahna ieu mah! Sanguna pulen! Cai nginumna mana, Bu?"
"Yanti ...! Pangmawakeun cai nginum jang Si Bapa!" 
Torojol Yanti mawa cai nginum, laju disimpen na méja. Meneran rék mangkat deui, Imas ngomong ka Yanti.
"Bener Yanti! Pulen pisan sanguna béas paré anyar bawa manéh ti lembur téh! Rewog Si Bapa gé daharna!" ceuk Imas rada muji.
"Geus pasti atuh, Bu! Ceuk Si Bapa gé pulenan nu Yanti tibatan nu Ibu mah!" Yanti némbal cicirihilan nutupan biwirna.
"Jaja...! Kasebelan siah, nya!" Keleweng..., beletak! Piring, mangkok, gelas, séndok, hiber kana beungeut Jaja.



PANGUKUR BAJU

Kocapkeun, Imas ceurik balilihan bari diuk dina korsi. Aya ogé Jaja salakina, jeung Yanti pembantuna keur sing areluk.
"Ibu mah teu nyangka pisan, naha Bapa bet téga ngahianat ka Ibu nu geus sakieu lilana ngarumah tangga jeung Bapa téh?" Imas nyarita bari ingsreuk-ingsreukan.
"Hampura Bapa atuh! Bapa poékeun, Bu!" Jaja némbal daria.
"Poékeun naon? Leuheung lamun salingkuhna jeung nu séjén mah, ari ieu naha atuh bet jeung pembantu urang, Si Yanti?" Imas némbal.
"Hampura Yanti, Bu!" Yanti némbal bari ngeluk.
"Ari geus kanyahoan wéh, kakara marénta hampura! Ari teu kanyahoan mah meureunan hayoh wé maceuh?" Imas mingkin tarik ceurikna.
Haté Imas nyeri nu euweuh duana, salaki nu dipercaya ku manéhna, kanyahoan keur silih léndot jeung Yanti, pembantuna, di dapur.
"Yanti, Ibu mah hayang nanya ka manéh, naha bet maké daék dibogohan ku Si Bapa? Kos euweuh lalaki nu leuwih ngora wéh? Sidik Si Bapa téh geus kolot! Sok, coba jéntrékeun! Naon pangna manéh maké daék?" Imas nanya bari nguat-nguatkeun haténa nu asa disuat-suat.
"Enggeus atuh, Bu! Ieu mah Bapa nu salah! Si Yanti mah teu salah!" Jaja nyarita deui.
"Cicing! Tong ngabélaan Si Yanti! Ibu nanya ka Si Yanti, lain ka Bapa! Réngsé masalah ieu, pokona Ibu mah rék ménta enggeusan wé!" Imas nyentak.
"Sabenerna mah teu ngahaja, Bu! Kunaon pangna daék dibogohan Ku Si Bapa téh?" Yanti némbalan bari sieun ogé ningali Imas nu nyorongot.
"Teu ngahaja, teu ngahaja! Teu ngahaja naonna? Di mana aya awéwé daék dibogohan alatan ku teu ngahaja? Éling teu manéh, Ayeuna téh geus jadi 'pelakor'? Sok, coba  jéntrékeun!" Imas mingkin geuleuh ngadéngé omongan Yanti.
"Kieu, Bu! Harita téh, Yanti teu ngahaja meneran menahan pangukur baju, dina angka tujuh belasna aya cirian! Atuh bédana gé genep sénti jeung nu urut Salaki Yanti mah!" ceuk Yanti bari tungkul bakat ku sieun.
Imas ngahuleng, teu ngarti ka mana léosna éta omongan Yanti.



MALEM JUMAAH

Meneran di tengah imah keur nongton tipi, Imas geus élékésékéng, hayang malem Juma'ahan
"Pa!"
"Kulan, Bu!"
"Malem Juma'ah ieu téh!"
"Muhun, kunaon kitu?"
"Arék kieu waé? Arék nonton tipi waé? Moal jiga batur mémangna?"
"Aéh..., enya! Kedap atuh, Bapa ka cai heula!"
Tuluy wéh Jaja mah ka cai.
Belesat Imas ka kamar, bari semu atoh, geus kabayang bakalan dikitukeun jeung dikieukeun ku Jaja.
Teu lila, Jaja asup ka kamar, tuluy ngamparkeun karpét leutik.
"Hayu, Bu!"
"Naha maké di handap? Ngeunaheun gé di dieu atuh!"
"Maenya ngaji Yassin na kasur, asa teu genah pisan atuh, ah!"
"Euuuh..., sugan téh...? Euh, ingah, ah!" Imas jamutrut bari tuluy ka cai maksad rék abdas.



PALASTIK URUT

Meneran liwat ka hareupeun lawang panto kamar pembantuna nu ngaranna Si Yanti, nu molongo. Teu ngahaja Imas ningali kolor nu ngalumuk na risbang tempat saré Yanti. Panasaran, tuluy Imas asup, laju nyokot éta kolor.
"Naha kos kolor Si Bapa ieu? Naha aya di dieu?" ceuk Imas bari nyidik-nyjdik éta kolor.
Laju manéhna ngageroan Yanti. Teu lila, Yanti norojol ka kamarna.
"Aya naon, Bu? Naha Ibu maké aya di kamar Yanti?" Yanti hémeng.
"Lain, tadi Ibu keur liwat, teu ngahaja ningal ieu kokolor! Kawas nu Si Bapa ieu téh atuh?" ceuk Imas, nanya.
"Muhun, Bu! Mémang nu Si Bapa! Katinggaleun meureunan meneran rék diseuseuh tadi isuk!" Yanti ngajéntrékeun.
"Oh..., kajeun ari kitu mah!" ceuk Imas deui bari mikeun éta kolor.
Meneran rék dibikeun ka Yanti, kepluk..., aya nu murag dina pésak éta kolor téh. Laju dicokot ku Imas, disidik-sidik éta nu murag téh, Imas apal pisan, yén éta téh palastik urut pamungkus alat kontrasépsi pikeun lalaki. Teu antaparah, Imas ngahaok ngageroan Jaja nu keur anteng nongton tipi di tengah imah.
"Jaja...! Ka dieu siah, hah!" Imas ngajerit, eundeur éta imah ku sora manéhna.
Jaja hariweusweus nyampeurkeun, reuwas bisi Imas kumaha onam.
"Aya naon Mbu téh, peuting-peuting jejeritan?" ceuk Jaja nanya meneran geus deukeut.
"Aya naon, aya naon! Ieu naon, hah!?" Imas némbalan bari nempokeun éta palastik.
Ditanya kitu, Jaja ngadégdég, teu bisa némbalan, geus kabayang Imas bakalan ngamuk sing manéhna némbalan naon waé ogé.
"Euh...euh...euh...éta...éta..!" ukur kitu wé wungkul Jaja némbalanna téh.
Hiuk, jebrod, golépak! Kowowong, Jaja nahan nyeri, tuluy ngarumpuyuk dibabuk maké korsi leutik nu meneran aya deukeut Imas.
"Meni teu ieuh-ieuh atuh Bapa téh, hah! Angger wé bangor geus kolot gé!" ceuk Imas deui bari popolotot.
"Palastik naon mémangna éta, Bu?" Yanti nu tatadi nempokeun, jol nanya ka Imas.
"Yeuh, tempo ku manéh! Palastik naon éta? Geus pasti apal pan manéh gé, Yanti?" ceuk Imas bari ngasongkeun éta palastik.
Laju ku Yanti dicokot na leungeun Imas, tuluy disidik-sidik ku manéhna.
"Oh..., Yanti apal atuh ieu mah!" ceuk Yanti semu bungah.
"Apal naon?" Imas nanya deui bari beungeutna beureum kénéh nahan amarah ka Jaja.
"Ieu mah palastikna sarua atuh jeung harita nu Yanti manggih dina risbang Ibu, meneran keur Si Bapa ka luar kota Saminggu téa geuningan! Basa harita Ibu mawa babaturan lalaki Ibu nu ngaranna téh Pa lalahhhmmmhhff ...!" acan réngsé Yanti nyarita, kaburu dibekem mantén ku Imas.
"Ssttt ...! Tong tarik teuing! Bisi Si Bapa ngadéngéeun! Bulan hareup gajih manéh naék, nya!" ceuk Imas bari ngabekem biwir Yanti.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar