KAKARÉN LEBARAN
"Ma, Sujang lapar!" ceuk anakna Karsih nu meujeuhna bilatung dulang meneran mulang ulin.
"Kedap, Sujang! Urang haneutkeun heula deungeunna!" Karsih némbal, laju mangkat ka dapur, tuluy diuk hareupeun hawu, rambisak.
Karsih bingung, naon anu kudu dihaneutkeun, tong boroning deungeun sangu, dalah sanguna gé euweuh. Ti saprak Darman, salakina Karsih maot, hirup ukur duaan di imah nu panggung kénéh bari jauh jeung tatangga. Ngumbara jauh ti lembur, dibawa ku Darman, jauh jeung dulur. Sapopoé ngandelkeun kuli ngarambét, kitu ogé lamun aya anu nitahna.
"Duh, Gusti! Kudu kumaha ieu abdi nyumponan kadaharan pikeun Si Sujang anu keur lapar?" Karsih ngagerentes, rasa kanalangsa geus pinuh na jero dadana.
"Assalamualaikum..., punten...!" ceuk hiji sora na lawang pantona.
Koréjat..., Karsih geuwat hudang nyampeurkeun bari nyusutan cipanon.
Meneran panto geus dibuka, nyampak Ceu Tina, jeung Mang Indra, salaki pamajikan nu kakoncara beunghar di lembur peuntas, mawa hiji kérésék bodas. Tukangeunna nyampak Mang Adé nyekelan kaméra.
"Walaikumsalam, Mangga...!" ceuk Karsih bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.
"Mana Si Sujang?" Mang Indra nanya.
"Aya! Kalaresan nembé mulang" Karsih némbalan.
"Cik, geuwat titah ka dieu!" Ceu Tina maréntah bari légég.
Teu lila, Si Sujang datang.
"Siap rékam Mang Ade! Kadé tong aya nu kaliwat! Sujang, ka dieu tah, rada ka hareup saeutik!" Mang Indra tatan-tatan kos nu rék shoting.
Posisi geus diatur, saha nu mikeun éta kéréssk jeung saha nu nampana.
"Hai gais! Habis lebaran ini kita berdua masih bagi-bagi sembako dan baju baru untuk keluarga yang tidak mampu! Sekarang kita berada di rumah Ibu Karsih! Tapi sebelum lanjut, jangan lupa like, komén dan subscribe channel YouTube kita dulu, ya!" ceuk Mang Indra capétang naker, nyanghareup kana kaméra.
"Semoga bantuan dari kami ini bermanfaat untuk Ibu Karsih dan keluarga, ya!" Ceu Tina mairan bari nangkeup ka Karsih, tuluy ngusapan sirah Sujang.
"Kumaha? Alus teu hasil rékamannana, Mang Ade?" Mang Indra nanya ka Mang Adé.
"Alus! Geus, mahi sakieu gé jang kontén poé ayeuna mah!" Mang Ade némbal.
Geus kitu, jol sing laléos deui wé marangkat ieu jelema tiluan téh.
Karsih olohok ngembang kadu, tuluy dibuka éta kérésék téh, meneran dibuka, nyampak sembako loba pisan, mahi jang saminggueun mah, ditambah baju anyar sasetél.
"Alhamdulillah, Gusti! Aya jelema bageur méré rejeki pikeun kuring jeung anak kuring! Duh, alus milik ilaing, Sujang! Boga geuningan tuh kakarén lebaran!" ceuk Karsih deui, geuwat ka dapur maksad rék nyangu.
Pesen moral ieu carita. Tong ditingali kumaha cara méréna tapi tingali mangpaatna pikeun anu dibéré.
__________________________________________
Tidak ada komentar:
Posting Komentar