Rabu, 19 Januari 2022

Cerita bersambung bahasa Sunda || BURONAN bagian ka-1

BURONAN

  Poé Salasa, tilu Januari salapan belas dalapan puluh lima. Waktos meneran tabuh sapuluh peuting, hiji mobil pelat beureum ti Kajaksaan, ngadius meulah jalan. Ari eusina mobil téh saurang résidivis nu arék dibui di Nusa Kambangan. Dikawal ku dua urang patugas di tukang jeung dua di hareup bari nyetir.
  
  Jaja, saurang résidivis, préman di kota gedé, euweuh nu teu apal ka manéhna, dunya kajahatan geus dijalanan ti saprak manéhna meleték gedé. Ti leuleutik teu indung teu bapa, sapopoé ukur di jalan. Ngamén, nyopét, nodong, antukna manéhna jadi katua préman. 
  
  Na jero mobil Jaja ukur nyarandé bari ngahuleng, leungeun dibangkol. Manéhna masih kénéh acan bisa narima, naha kunaon Ubéd, sobat dalitna sakaligus wakil manéhna, bisa ngahianat ka manéhna, antukna manéhna ditéwak jeung dihukum bui sapuluh taun. Padahal Ubéd téh jelema nu paling dipercaya ku manéhna. Jeung deui lain manéhna nu nandasa Babah Liong nu imahna di rampog téh. Tapi bukti-bukti kuat pikeun Hakim yén manéhna nu ngalakonan, antukna, tok! Palu hakim mutuskeun manéhna dihukum bui.
  
  Jaja inget kénéh, peuting harita manéhna aya di imah. Meneran tabuh dua peuting, kadatangan Ubéd, teuing rék naon. Ukur ngawangkong sakeudeung tuluy Ubéd mangkat deui. Teu lila Ubéd mangkat, ari gok téh polisi lobana tilu mobil néwak manéhna. Bari nyokot barang bukti anu teuing saha nu nyimpen di gigireun imahna. Duit gepokan, baju nu pinuh ku getih, péso balati nu sarua pinuh ku getih. Antukna Jaja teu bisa kumaha, barang bukti kuat pisan aya di imahna. Pikir Jaja pasti Si Ubéd nu geus nyimpen éta banda, saha deui ari lain manéhna, da euweuh sasaha deui nu datang.

"Kuring kudu bisa ngabuktikeun, yén lain kuring palakuna! Tapi kumaha carana?" gerentes Jaja.

  Tabuh dua peuting, mobil meneran ngaliwatan leuwung, katingali ku manéhna patugas anu dua téh nundutan. Jaja anu geus kakoncara jago dina élmu kanuragan, teu ngantep ieu kasempetan, sakuat tanaga manéhna ngahantem patugas, hiuk! Buk! Buk! Jedak!. Dua patugas ngagolér kapiuhan, tuluy Jaja nyokot konci bangkol laju muka bangkol na leungeunna.
Ari patugas anu di hareup mah teu apaleun, disangkana mobil oyag-oyagan téh kusabab jalanna rada butut.
Sakuat tanaga Jaja najong panto tukang mobil, nepi ka mukana, laju luncat, tuluy lumpat asup ka jero leuweung. Geus teu dipaliré awakna daradas bari pohara nyerina nu penting manéhna bisa kabur heula ayeuna mah, kitu pamikirna.
Jaja teu puguh lampah di leuweung, nuturkeun indung suku ka mana ngaléngkah, naék turun gunung, nu penting jauh ti jalan raya.

  Dua bulan lilana Jaja asruk-asrukan, dahar sapopoé ukur dangdaunan atawa bungbuahan nu aya di leuweung. Awak geus teu mangrupa, baju sararoék, bararéd bari barorok sabab dicoco reungit atawa sasatoan nu séjénna.
Hirup katalangsara di jero leuweung geledegan. Awak begang tinggal tulang dibungkus kulit, beungeut pinuh ku jénggot, kumis, jambang. Buuk gondrong, lamun panggih jeung jelema lian geus pasti disangka jelema gélo wéh.
  
  Hiji poé, manéhna nempo aya lembur ti kajauhan, éta lembur téh paling ogé ukur aya imah tilu puluh suhunan, rét ka beulah tonggohna aya wangunan nu rada badag, ieu wangunan anggang jeung lembur nu aya beulah handap. Jaja pohara bungahna, tuluy leumpang gagaléongan, maksad rék nyampeurkeun. Meneran geus deukeut, Jaja ningali aya gapura saméméh asup ka jerona, tuluy ngarérét ka beulah luhur gapura, aya seratan ngagantung, "WILUJENG SUMPING DI PASANTRÉN AL-IHLAS".

 "Oh, ieu téh pasantrénan geuningan!" gerentes Jaja.

Bakating geus teu kuat nahan kanyeri sagalarupa dina awakna, meneran nepi ka handapeun gapura, golépak, Jaja kapiuhan.
  
  Teuing sabara lila Jaja kapiuhan, bray mukakeun panon, manéhna aya di hiji rohangan, ngagolér dina risbang awi nu diamparan samak walini, dibantalan ku bantal kapuk, disimbutan ogé. Sagigireunna, nyampak baskom jeung elap kawasna tapak meresihan awak Jaja. Rét kana awakna, pinuh ku tamplogan obat-obatan, teuing obat naon, tapi kawas obat lembur nu dijieun tina tutuwuhan.

"Di mana ieu kuring?" gerentes Jaja bari ngilikan sabudeureun rohangan. Laju Jaja nguniang hudang, acan gé manéhna hudang, jol aya lalaki ngora kénéh, lamun ditilik tina papakéannana mah kawas santri ieu nu asup téh.

"Alhamdulillah, hidep tos éling!" ceuk éta  lalaki bari nyampeurkeun ka Jaja.

"Punten, ari kuring di mana ieu?" Jaja nanya ka santri.

"Hidep kapanggih keur kapiuhan di handapeun gapura meneran jalan asup ka tempat ieu basa dua poé ka tukang!" santri némbalan.

"Hah...! Dua poé? Baruk kuring geus dua poé teu éling?" Jaja ngarénjag.

"Muhun, dupi salira téh saha mémangna, sareng badé ka mana pamaksadan téh?"

Barang Jaja arék némbalan, tuluy inget yén manéhna pasti jadi buronan ayeuna, pasti polisi geus ngabéwarakeun dina radio, tipi jeung koran perihal manéhna, kusabab éta tuluy Jaja boga pamikir kudu nyumputkeun saha manéhna nu sabenerna.

"Nami kuring Sodik, kuring nyasab di leuweung!" ceuk Jaja deui anu ngaku yén ngaran manéhna téh, Sodik.

"Oh, Sodik! Naha maké nyasar atuh?" Santri nanya deui.

"Panjang lalakonna! Kuring milu jeung rombongan pacinta alam, maksad arék naék ka gunung. Di tengah jalan, kuring papisah jeung rombongan, tuluy asruk-asrukan nepi dua bulan leuwih! Ari anjeun saha?" ceuk Jaja, ngawadul.

"Oh..., kitu? Nepangkeun, simkuring Hamdan, kaleresan Ustad di  pasantrénanan ieu."

"Muhun, Kang Hamdan, wilujeng tepang! Dupi ieu téh tempat naon? Jeung lembur naon namina?" Jaja nanya deui.

"Ieu téh pasantrénan Al-ihlas, ari nami lemburna mah, lembur Sela Awi (punten bilih aya nami lemburna anu sami) lebet ka Kabupatén Garut." (tah, ieu gé ukur bibisaanan panulis wé, teuing aya, teuing teu aya éta ngaran lembur Sela Awi di Garut, punten upami mémang aya mah) ceuk Hamdan ngajéntrékeun.

"Garut ieu téh? Duh, geuningan tebih, nya? Hatur nuhun pisan anjeun tos nulungan kuring" kitu ceuk Jaja.

"Nya, sawangsulna. Sasama manusa mah kedah silih tulungan apanan!"

  Gancang carita, geus Saminggu Jaja gawéna ukur ngagolér di rohangan, unggal poé Ustad Hamdan wungkul anu datang téh. Ngubaran, mawa kadaharan jeung sajabina. Meneran poé ka sapuluh, awak Jaja geus cageur, bari masih kénéh rada nyareri ogé, tuluy manéhna ka luar ti rohangan. Geus di luar, tuluy manéhna ngilikan sabudeureun pasantrénan. Geuningan rohangan manéhna téh rada anggang jeung wangunana nu lian. 

  Éta pasantrénan ngabentuk aksara U wangunannana téh. Dijieun tina awi jeung bilik kabéh ogé, ari suhunannana masih kénéh maké hateup, aya meureunan kana genep imah panggung mah, pédah baradag. kabéh nyanghareupan ka lapangan nu aya di tengah-tengahna.
Kabeneran di lapangan, katempo ku Jaja, Ustad Hamdan keur ngajarkeun élmu béla diri. Santri lalaki wungkul nu diajarna téh. Ti kajauhan Jaja nempokeun wé wungkul.

"Deuh, kitu wungkul geuningan diajarna ogé? Jang naon atuh? Budak orok gé barisaeun nu kitu mah!" gerentes Jaja agul na jero haténa, pédah manéhna mah ngarasa geus jago dina élmu béla dirina.

Bersambung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar