Rabu, 19 Januari 2022

Kumpulan cerita pendek bahasa Sunda 'cawokah'

LEULEUS

"Néng...!"
"Kah"
"Atos, nya! Tos teu kiat geuningan!"
"Euh, Akang mah! Néng keur gegenahna ogé ieu téh, kadon teu kiat Akangna, ah!"
"Nya kumaha deui atuh? Ukur sakieu tanagana ayeuna mah!"
"Pisebeleun, ih!"
"Tos atuh, turun!"
"Kéheula atuh! Arék ieu ogé"
"Tah kitu atuh! Rasana teu capé meureunan, ngadorong motor kempés banna bari Enéng diuk na jok téh!"

Wéyoooo.... 😁

______________________________________

SEMUR JÉNGKOL

"Alhamdulillah..., ku sabar mah geuningan lila-lila gé cumpon nu dipikahayang téh!"

"Muhun, Kang! Tungtungna urang bakal boga anak, nya"

"Geus nincak sabaraha bulan ayeuna éta  kandungan?"

"Dua bulan, Kang!"

"Heueuh, sukur! Hampura Akang ukur Saminggu di imah téh, nya! Pagéto Akang mangkat deui digawé. Mulangna mah biasa wé lima bulan sakali nya, Néng!"

"Muhun, Kang, mangga!"

"Éh...tapi...kéheula! Hoor...naha...nya?"

__________________________________________

EMBUNG ÉLÉH

Ubéd jeung Jaja sobat keur leutik, geus lila teu panggih, kakara deui bisa amprok di imah Jaja, tuluy ngawangkong.

"Cageur ilaing, Ja?" Ubéd muka wangkongan.

"Cageur, Béd, alhamdulillah! Ari ilaing ka mana waé atuh, geus boga pamajikan ayeuna?" Jaja nanya.

"Alhamdulillah, geus tilu pamajikan kuring mah, Ja!" Ubéd némbalan bari nepak dada.

"Duh...hébat euy! Ka urang mana waé éta téh?" Jaja panasaran.

"Nu kahiji urang Tasik, geus dibéré imah ku kuring, bari dibéré  jang usahana ogé, toko bahan bangunan! Nu kadua urang Bogor, sarua éta ogé di imahan ngan usahana toko mébel. Nu katilu urang Cianjur, disaruakeun dibéré imah mah, tempat usahana toko baju! Alhamdulillah kuring mah nyandung ogé dicukupan kabéh pamajikan téh!" Ubéd ngajéntrékeun bari katempo agulna.

"Enyaan hébat ilaing mah, Béd!" Jaja némbalanna téh bari kawas nu panas.

"Kudu kitu atuh jadi lalaki mah, Ja! Ari ilaing ka urang mana boga pamajikan téh?" Ubéd malik nanya.

"Nyaéta can boga pamajikan kuring mah, Béd! Ari kabogoh mah boga tilu kuring gé!" 

"Oh...kitu, ari usaha kana naon atuh?"

"Henteu usaha gé kuring mah!"

"Naha teu usaha tapi ieu geuningan bisa boga mobil jeung motor bari geus boga imah?"

"Meunang paméréan ti kabogoh! Alhamdulillah boga kabogoh tilu téh barogaeun usaha sorangan. Nu hiji urang Tasik, bogaeun toko bahan bangunan. Nu kadua urang Bogor, bogaeun toko mébel. Nu katilu urang Cianjur, bogaeun toko baju! Teu susah kuring mah, Béd"

"Hor...?" Ubéd ngahuleng.

__________________________________________

BEKEL

"Kumaha, tos dihaneutkeun jang bekel akang méméh mangkat gawé engké isuk?" ceuk Mang Kasman ka Nyi Juju, Pamajikanna.

"Naha maké kudu dihaneutkeun atuh? Sidik geus haneut apanan" Nyi Juju némbal bari nyingsatkeun sampingna.

"Aéh...lain nu éta akang mah, nu itu tuh, lauk jambal kasedep akang! Geuningan basa Minggu kamari ogé basi teu dihaneutkeun téh!" Mang Kasman némbal bari laju nungtun Nyi Juju, teuing ka mana, jeung teuing arék naon.

Moal loba tatanya ongkoh dalangna ogé, ah. Bisi hayangeun. 😁

__________________________________________

TALAKOP

"Ayeuna Akang arék balaka saujratna, ngan omat, Enéng ulah bendu!"
"Moal, moal nanaon Enéng mah, tibatan engké  nyeri deui mendingan ayeuna Akang balaka!"
"Bener moal nanaon?"
"Bener"
"Nya geus atuh! Sabenerna nu matak nyieun nyeri téh taya lian nyaéta talakop budug akang milu ka jero!"
"Euh...!"
__________________________________________

JANGAR

"Kang Sobri kahadé di imah, ulah begadang nguseup waé! Enéng balik gawéna genep bulan sakali apanan!"

"Muhun, Rita, Pamajikan Akang nu démplon! Jug mangkat digawé mah! Rumasa Akang geus teu walakaya, usaha nepi ka bangkrut alatan sasalad nu nyiliwuri. Baé da Si Cunéng mah diasuh Si Cucun ieuh, adi beuteung nu bageur pisan!"

Opat bulan ti harita.

"Hallow, Téh Rita!"
"Nya, Cun! Aya naon?"
"Cucun arék balaka!"
"Nya, sok, aya naon?"
"Cucun teu meunang héd geus dua bulan!"
"Har, ituh! Naha?"
"Duka atuh? Da Cucun mah can kungsi ngalakonan nu kos kitu?"
"Maenya teuing? Ku saha satéh? Nu balég! Ari peuting sok ka mana? Jeung saha?"
"Bener, Téh! Lamun peuting da saré tibra waé saenggeus nyarékeun Si Cunéng ogé. Ngan anéhna saré téh tibra kacida, tara inget nanaon, 
hudang isuk wéh?"
"Teu hayang nyaho! Buru bébéja ka Kang Sobri!"
"Muhun, Téh!"

Di hiji apoték, Sobri keur meuli obat.

"Néng! Meuli deui obat tidur nu kuring sok meuli!"

__________________________________________

MENCA

"Pa ...!"
"Kulan"
"Ayeuna malem Jumaah, nya?"
"Muhun"
"Arék maké jurus naon engké mencana?"
"Ah, naha maké jeung kudu menca?"
"Ah, sok pura-pura teu ngarti Si Bapa mah!"

Meneran tabuh salapan.

"Pa ...!"
"Naon deui?"
"Buru atuh menca, Ibu geus teu kuat ieu, ih! Geus lila henteu!"
"Kedap atuh salin heula Bapana, apanan ieu maké baju paranti ka masigit kénéh!"
"Nya, sok! Ibu tiheula ka kamar, nya!"
"Naha maké kudu di kamar, atuh heurin?"
"Piraku kudu di dieu? Di tengah imah?"
"Geus wé di dieu! Dagoan keudeung!"
"Sok atuh, lah! Di mana gé nu penting mah menca!"

Teu lila.

"Ciiiaaatt ...!"
"Naon ari Si Bapa, jol masang jurus silat bari maké baju silat kitu?"
"Cenah bieu titah menca? Kumaha sih Ibu téh, ah?"
"Duh, Gustiiiii ....! Abong geus aki-aki! Meni hésé dibéré kodeu téh!"

__________________________________________

NYINGSAT

Hujan nu ngaririncik ditambah hiliwirna angin peuting nu tiis, nyieun Rosid mingkin pageuh ngeukeupan Koyah, Pamajikanna. Cikan kénéh réngsé diwajiban, Koyah geus ngaguher tibra alatan leuseuh. Rosid can bisa peureum, manéhna masih kénéh nyawang ka waktos engké janari, kudu mangkat deui digawé, sorangan deui di dayeuh, mulang ukur Saminggu sakali kitu gé nepi ka imahna tengah peuting bareng jeung baralikna Tukang Dagang Pecel Lélé atawa Tukang Nasi Goréng nu mémang biasa tutupna tengah peuting.

"Gusti, rék nepi iraha kuring kudu jauh jeung kulawarga? Seja ngalakonan kawajiban nu jadi Kapala Rumah Tangga, nyumponan pangabutuh, sandang, pangan jeung papan-na anak Pamajikan?" Rosid ngagerentes bari neuteup Koyah nu geus di alam ngimpina.

Jeung saré mah Rosid malahan nguniang, tuluy ninyuh kopi, laju dibawa ka téras hareup.
Cekrés panekér dihurungkeun, laju nyeuneut udud, kelepus haseup udud kaluar tina biwirna, surudut kopi hideung medok, ngahuleung neuteup cai hujan nu mingkin kerep.

Lila Rosid ngahuleng, mikiran jalan hirupna anu mémang kudu jauh jeung kulawarga, sabab tempat digawéna nu mémang béda kota.

"Teu karasa anak geus gararedé, incu geus meujeuh lulucuna tapi naha kuring maké hirup ngumbara sorangan? Naha maké jauh jeung maranéhna? Rék nepi iraha atuh hirup kikieuan téh?" Rosid nyarita sorangan kana awakna.

Geus aya kana sa-jamna, tuluy Rosid asup deui ka kamer, Koyah masih kénéh tibra, rét ka belah handap, daster Koyah nyingsat sabab saréna teu disimbutan.

"Deuh, ingah, ah!" 

Ukur kitu wé wungkul gerentes Rosid, da ka dituna mah moal dicaritakeun ku dalang gé.

Heuheuheu ....

__________________________________________

JURIG JARIAN

"Tos, ulah ceurik! Akang pasti tanggel waler kana naon anu geus dilakonan!"

"Ti semet ieu Enéng geus béda, Akang! Duh Gusti, hampura dosa abdi!"

"Hampura Akang nu teu kuat nahan birahi! Isukan Akang pasti ka imah Enéng seja ngalamar, moal dililakeun! Urang langsung ngarumah tangga wé!"

"Ulah, Kang!" 

"Naha? Apanan sidik Akang tanggel waler?"

"Mana teuing engké Enéng dirogahalana?"

"Moal! Ulah sieun! Akang moal ngajéntrékeun nu saujratna! Saha mémangna nu bakal ngarogahala?"

"Salaki Enéng!"

Golépak ....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar