BURONAN
"Naon engké pangabisana atuh ari diajar béla dirina kos kitu mah?" gerentes Jaja meneran nempo barudak santri anu keur diajar élmu béla diri ku Ustad Hamdan.
Watek agul, adigung, gedé hulu, angger teu leungit, rumasa aing pangjagona, heueuh da atuh mémang watek préman.
Keur kitu, Ustadz Hamdan ngarérét, tuluy nyampeurkeun.
"Alhamdulillah, hidep tos jagjag. Hayu ayeuna mah urang tepangan Mama Ajengan Sepuh!" ceuk Ustadz Hamdan
"Saha Mama Ajengan Sepuh téh?"
"Mama Ajengan Sepuh téh, Mama Ajengan Maksum, Ajengan anu gaduh ieu pasantrénan" Ustad Hamdan ngajéntrékeun.
"Samuhun atuh, mangga!"
Tuluy wéh marangkat, nepi ka hareupeun imah nu badag, ayana éta imah téh meneran sagédéngeun masigit, éta imahna Mama Sepuh.
Laju unjuk salam, teu lila ditémbalan ti jero imah. Ari Jaja, jauh téa tina ajaran agama, ukur ngabetem wé wungkul.
"Punten, Ama! Ieu Kang Sodik téa, tos jagjag deui ayeuna mah!" ceuk Ustad Hamdan.
"Oh, ieu? Duh, hawatos atuh, nya! Éta acuk ogé meni sararoék kitu!!" ceuk Ajengan Maksum bari neuteup seukeut kana batin Jaja. Nu diteuteup ngadadak meni tingburingkak, teuing kunaon.
"Hatur nuhun, Ajengan! Abdi tos ditulungan di dieu! ceuk Jaja bari haténa ngadadak ratug, awak ngadégdég, sora ngageter, meneran geus diteuteup ku Mama Ajengan Maksum.
"Nya, sawangsulna, kasép!" témbal Ajengan Maksum.
Tuluy Jaja nu ngaku ngaran Sodik, nyaritakeun kunaon manéhna maké kasasar di leuweung, bari jeung caritana gé carita ngawadul, pikir Jaja nu penting aman heula ayeuna mah. Bari kitu gé manéhna boga paniatan arék cicing heula di dieu lilana sataun mah, sina tiis heula kasus manéhna, geus sataun mah manéhna rék mangkat deui. Kitu paniatanna téh.
"Kitu, Ajengan! Manawi ngawadian ka abdi pikeun di dieu heula! Bari hoyong diajar ngaji!" Jaja sabisa manéhna néangan akal méh bisa cicing heula di dieu.
"Nya saé atuh kasép, upami kitu mah! Sok, mangga!" Ajengan maksum ngawidian bari teu ngahésékeun, ngan ukur seuri leutik wé wungkul ngadéngé sagalarupa caritaan Jaja ti mimiti nepi ka manéhna ménta widi rék cicing di dieu téh, paromanana pinuh ku mistéri.
"Kumaha engké wé lah masalah ngaji mah, nu penting aing aman heula di dieu!" kitu gerentes haté Jaja.
"Mangga atuh upami hidep palay diajar ngaos mah! Sok, urang diajar sasarengan! Mung éta acuk wayahna gentos heula, kabeneran hidep sapantaran geuningan sareng Ustadz Hamdan, tiasa meureunan nganggo heula nu anjeunna!" ceuk Ajengan Maksum.
"Muhun, Ama, mangga! Kin ku abdi dipasihan acuk kanggo Kang Sodik!" Ustadz Hamdan milu mairan.
Tuluy wéh marulang deui, ayeuna mah lain ka tempat anu tadi, Jaja dibawa ka kamar nu mémang husus ajang santri, ayana éta kamar téh sagigireun pisan imahna Mama Ajengan Maksum, jadi manéhna bisa nempo écés ka hareupeunna.
Teu lila datang deui Ustadz Hamdan mawa baju koko, kopéah, calana panjang jeung samping, ogé pangurud kumis.
"Sok, Kang Sodik! Ieu tah pakéanna! Meujeuhna meureunan? Da geuningan teu jauh béda awak urang duaan téh!" ceuk Ustadz Hamdan bari mikeun babawaanna.
"Hatur nuhun pisan, Ustadz. Lain, ari Mama Ajengan Sepuh téh na teu bogaeun anak kitu? Da geuningan ukur sorangan di imahna ogé?" ceuk Jaja mimiti nanya.
"Ih, atuh pasti bogaeun! Anjeunna bogaeun anak téh dua, nu ka hiji lalaki, kaleresan simkuring nu ka hiji téh. nu ka dua awéwé umuran tujuh belas taunan, ngan ayeuna mah euweuh didieu, keur mondok di pasantrénan husus istri di Panjalu, paling mulangna engké tilu taunan deui!" Ustadz Hamdan ngajéntrékeun.
"Aduh! Punten atuh Ustad! Kuring teu apal yén ilaing anakna Ajengan Sepuh, punten pisan!!" ceuk Jaja semu éra.
Tuluy Ustadz Hamdan mah mangkat deui. Teu lila, Jaja beberesih awakna, mandi, kokosok, da atuh pan kabayang dua bulan leuwih teu mandi, teu wé sugan meunang sakilo dakina ogé. Réngsé mandi, tuluy ngurud kumis, jénggot jeung jambang. Ari buukna mah sing enya gondrong gé da teu pati teuing acak-acakan, laju maké baju koko, samping jeung kopéah paméré Ustadz Hamdan téa.
Réngsé kitu, Jaja geus salin rupa, keur mah mémang kasép, ditambah papakéan anu pas pisan jeung awakna, meni méncrang cahayaan, lir ibarat tadi ningal areng, ari ayeuna ningal inten. Béda pisan katempona. Teu lila, asup kana waktos ashar, santri tinggaridig ka masigit, ari Jaja bingung, lamun manéhna ka masigit, apan teu bisa babacaan sholatna ogé.
"Ah, arék nurutan batur wé, kumaha wé nu di hareupeun kuring engké!" kitu ceuk Jaja téh bari indit ogé ka masigit.
Santri nu lian, barang ningali Jaja, euweuh nu teu hémeng, kabéh héraneun, naha ayeuna mah jadi kasép kieu.
Jaja nangtung pangtukangna nalika arék solat téh, manéhna ningalikeun ka nu di hareup kumaha carana solat, henteu ari babacaan mah, da teu bisaeun. Réngsé solat tuluy santri ngaraji, dipapatahan ku Ajengan Maksum sawaréh, ku Ustadz Hamdan sawaréh santri laleutikna mah.
Jaja ukur ningalikeun, da teu apal kumaha ngaji téh, tuluy manéhna digeroan ku Mama Ajengan.
"Badé, diajar ngaos téh?" ceuk Ajengan, nanya.
"Muhun, Mama, badé!" kitu témbal Jaja.
"Sok, tah, candak tuturutannana!" ceuk Ajengan deui bari mikeun buku paranti budak diajar ngéjah lamun mimiti ngaji.
"Sok turutan Ama yeuh, nya! Bismilahirrahmanirrahiim!" ceuk Ajengan deui.
Pamiarsa, teuing kunaon, barang Jaja ngucapkeun kalimah basmalah, ngadadak panonna beureum bari molotot, awak hareuras kukuliatan bangun nu nahan nyeri, biwir calangap jejeritan teu puguh, laju utah uger, teu lila kapiuhan.
Santri alanyar nu ningali kajadian ieu kkabéh harémeng, naha kunaon pédah ngucap kalimah basmalah kuat nepikeun ka modél kitu. Béda jeung santri nu geus heubeul, kawas geus teu anéh deui. Ajengan Sepuh mah ukur gumujeng wé wungkul, tuluy nyarita ka para santrina.
"Tah, barudak! Ieu conto anu nyata, nalika jelema anu ngélmu ka iblis, bakalan kieu kajadiannana nalika nyebat nami-Na. Omat! Ulah aya nu nyeselan ka Jang Sodik, api-api teu apal wé, api-api teu aya nanaon wé, nalika manéhna engké tos éling, nya!" kitu ceuk Ajengan Sepuh téh. Tuluy Jaja digarotong ka kamarna, geus kitu mah ditaringgalkeun wé.
Isukna, meneran tabuh salapan, Jaja hudang, manéhna rarat-rérét, naha maké aya di kamarna. "Oh..., kawasna mah kuring kasaréan meneran mulang ti masigit, hawa ku leuseuh meureunan?" kitu pamikir Jaja. Tuluy leumpang ka luar, di luar loba santri nu keur diajar béla diri, tuluy Jaja nyampeurkeun, laju nanya ka Ustad Hamdan.
"Ari ieu diajar gerakan naon atuh? Ti kamari kieu wungkul?" ceuk Jaja bari nganggap énténg pisan.
"Ah, biasa waé ieu mah, keur dialajar masang kuda-kuda!" Ustadz Hamdan némbal, andalemi.
"Maenya kuda-kuda kieu, atuh? Yeuh, tempokeun kuring ari masang kuda-kuda mah!" ceuk Jaja bari geuwat masang kuda-kuda. Santri nu keur dialajar tuluy areureun, laju ngariung tukangeun Ustad Hamdan, nempokeun Jaja.
"Oh, sumuhun atuh, alus! Satiap élmu gé aya bédana!" kitu ceuk Ustadz Hamdan.
"Sok, hantem tah kuring sina ngagubrag, ari mampuh mah!" éta Jaja geus teu kireum-kireum.
"Teu kidu! Alus da kuda-kuda hidep gé, Dik!" Ustadz Hamdan némbal.
"Sok, moal nanaon ieuh, nyontoan wé ieu mah! Ku saha wé atuh anu daékeun!" Jaja angger maksa.
Tungtungna Ustadz Hamdan ngagugu kana kahayang Jaja, tuluy ngageroan santrina nu umurna kakarak opat belas taun.
"Salim! Coba sok ku ilaing gugu kahayang Kang Sodik!" ceuk Ustadz Hamdan ka santrina anu ngaranna Salim.
"Lah, atuh maenya ku budak leutik? Karasa gé moal atuh, ku genepan sakalian, sok!" Jaja mingkin gedé hulu.
"Teu kudu! Sok wé ku Salim heula!" Ustadz Hamdan nyaram.
Pamiarsa, barang Salim ngahantemkeun peureupna kana awak Jaja, ari kalayang téh, awak Jaja ngalayang kawas kapuk katiup angin, jujumpalikan aya kana dua puluh méterna. Eureun guguitikan, laju utah getih, teu lila, les..., kapiuhan.
Bersambung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar